Geuning Kembang Ros || Puisi

Kembang ligar marahmay ti kajauhan
Ditanggeuy dahan nu rosa
Dilingkung daun haréjo
Pamikat panon nu nempo

Ceuk sumebarna béja seungit ambeuna
Amis maduna
Sakapeung, enya.
Tapi béda jeung carita

Komo geus ulubiung
Guyub, runtut raut.
Tungtungna ka cai teu jadi leuwi
Ka darat teu jadi logak

Kembang téh geuning Ros
Beureum ngentab marakbak
Matak éndah kana soca
Matak nyeri kana haté

Geuning kembang Ros
Beureum-beureum amarah
Ulah nepi ka polos
Bisi keuna ku owah.

Kuningan, 25 Mei 2023.

Penulis : Genta.