Mangsa bubudak nu kuduna ulin
Manéhna lewih milih milari duit
Nalika suku leutik séjén lulumpatan di taman
Manéhna leuleumpangan sisi jalanan
Suku leutik mawa manéhna ka loba tempat
Ti imah ka imah
Ti imah ka pasar
Ti pasar ka terminal
Kabéh tempat di datangan
Léngkah leutik nu baheula ngukur jalan
Mapayan tempat pikeun meunangkeun rezeki
Ayeuna miboga kasempetan nangtung ajeg
Aaa panggung gedé, disebut dangdut akademi
Mimpina sangkan bisa tampil dipanggung gedé
Ayeuna geus kacumponan
Ku loba na perjuangan jeung hinaan
Budak leutik nu baheula ngan leuleumpangan turut jalan
Manéhna ayeuna geus jadi béntang.
Tulisan Euis Allysa Julianda Ningsih, Mahasiswi PBSD UM Kuningan










