Connect with us

Hi, what are you looking for?

Kuningan Mass
Firman Fathurohman.

Netizen Mass

Ngarucu Langlayangan

KUNINGAN (MASS) – Dina hiji mangsa, Ki Adma keur ngaso diuk bari ngopi di pakarangan imahna, teu lila kurunyung datang incuna nyaéta Dodi anu kakara mulang ti sakola.

“Assalamualaikum…”

“Waalaikum salam, geuning ayeuna mah mulang na tereh?”

“Enya ki, ayeuna mah guruna keur rapat, jadi we di budalkeun sakolana” témbal Dodi bari ngésotan tali sapatu.

Teu lila ti eta, Dodi nyarita ka akina yén manéhna téh hayang langlayangan.

“Ki, Dodi mah hayang langlayangan jiga nu babaturan langlayanganna aralus”

“Keur usum langlayangan kitu ayeuna téh?”

“Nya ki” tembal dodi.

“Heueuh atuh ku aki ayeuna dipangnyieunkeun”.

Teu lila, kurunyung datang babaturanna anu ngaranna nyaéta Ahmad .

“Dodi….. urang ulin hayu, ngapungkeun langlayangan”

“Tungguan mad ieu urang keur nyieun heula lannglayanganna” lantaran langlayangan dodi can jadi atuh ahmad téh nungguan heula.

“Ék ngarapungkeun langlayangan dimana ieu téh ?” tanya ki adma

“Moal jauh ki, paling di gudang pupuk ki anu tempat na lalega” tembal Ahmad

“Heueuh atuh jig, omat peupeujeuh ulah jauh nya, komo mun ka Pasir Pujut mah ulah nya sungil.”

Atuh geus kitu mah Dodi jeung Ahmad téh arindit arulin ngarapungkeun langlayangan, bener baé di pakarangan gudang pupuk téh geus loba baladna, sarua keur ngarpungkeun bari ngadukeun langlayangan. Ku lantaran langlayangan Ahmad jeung Dodi manteng mayungan, Dodi jeung Ahmad diuk bari nénjo langlayangan nu keur aduan. Teu lila aya langlayangan nu pegat agéh baé barudak teh moro langlayangan anu pegat.

“Geus ah éta mah bakal jauh hiber na, geus urang balik wé hayu ulah ngudag deui capé!!” cek ahmad ka dodi, tapi jongjon wé dodi mah kalah lumpat ngudag langlayangan nu hiber.

Teu karasa wanci geus sareup na, pon kitu deui Dodi ngudag langlayangan geus anjog ka Pasir Pujut, manehna teu ngadéngé kana omongan ki adma, langlayangan nu hiber téh  eunteup dina tangkal nangka anu handapna lening bersih euweuh daun nu murag hiji-hiji acan. Teu mikir panjang térékél Dodi naék kana tangkal Nangka éta, can anjog nepi luhur ujug-ujug aya nu gegerem ti handapeun tangkal nangka sorana meni handaruan.

“Saha nu wani-wani ngusik tempat kaula.” Ngadenge sora kitu, Dodi ngagebeg bangun anu kacida reuwas. waktu manéhna nénjo ka handap, Dodi ngajerit lantaran manéhna nénjo dedemit ngawujudkeun bayongbong anu gedéna sagedé ban mobil treuk, atuh dodi gancang luncat turun  tina tangkal nangka bari ampun ampunan lumpat tibuburanjat. Ti saprak kajadian éta Dodi tara ulin kamalinaan ngapungkeun atawa ngarucu langlayangan deui, manehna ayeuna mah ngadéngé kana omongan Ki Adma.

Carita Pondok karya Firman Fathurohman

Advertisement
Advertisement

Berita Terbaru

Advertisement

Trending

You May Also Like

Headline

KUNINGAN (MASS) – Anggaran Rp400 juta untuk Kamus Basa Sunda Wewengkon Kabupaten Kuningan, justru dianggap terlalu kecil. Hal itu, disampaikan Ketua DPD Sundawani Wirabuana...

Pemerintahan

KUNINGAN (MASS) – Memperingati Poe Basa Indung sadunia, Sekretaris Daerah Kuningan Dr H Dian Rachmat Yanuar, MSi hadir dalam acara Launching dan Bedah Kamus Basa...