Connect with us

Hi, what are you looking for?

Sumber foto : https://www.kearipan.com/aneka-reka-kabayan/

Netizen Mass

Ceuk nu Panggih jeung Oray Sagede Tunggul Kalapa jeung Maung 12 Meter!

KUNINGAN (MASS) – “Eta sia, aing kamari basa balik ti warung Bi Kursih di jalan dipegat Oray sagede Tunggul Kalapa! Jaba cicing bae malang jalan. Diseuah-seuah angger cicing, paur bisi nu ngageugeuh di dia,” ceuk si Adwa bari bosongot pisan beungeutna.

“Komo Mamang uing mah pernah nyarita harita keur ngarantau ka Sumatra pernah dipegat Maung 12 meter,” tembal si Sendul embung eleh.

Eta mangrupa conto eusi potongan carita anu remen kadenge ku Juru Tulis ieu. Nu Nulis oge geus teu aheng, malah kadang osok sasakali milu ngabumbuan carita. Teu aya deui sangkan daria naker kadengena. Naha nya lamun keur nyarita teh sok hayang bae dibumbuan?

Malahan aya nu leuwih menit deui kana hulu lamun aya jelema nu embung eleh ku hiji carita. Contona, salah saurang aya nu nyarita pernah digegel toke. Ditempas ku nu saurang komo manehna mah pernah digegel bayawak.

Advertisement. Scroll to continue reading.

Ditembalan deui ku nu embung eleh pisan malahan ngakuna mah pernah digegel Naga. Aya-aya wae, bararingung, tapi pikagugueun.
Kunaon nya jelema teh resep ngagede-gedekeun carita? Boh carita hanjelu, boh carita pikaseurieun. Sok aya bae nu digede-gedekeun.

Jiga dina conto di luhur anu papanggih Oray sagede Tunggul Kalapa jeung Maung 12 meter. Lamun dipikir-pikir mah asa mustahil pisan Oray sagede Tunggul Kalapa jeung Maung panjangna nepi 12 meter.

Oray sagede Tunggul Kalapa mah lamun ngaleor teh meureun ngahelob taneuh ge, komo Maung nu panjangna 12 Meter, meureun sukuna aya dalapan mah. Da lamun sukuna teu rea mah beuteungna ge nyangsar meureun! Bareuh bae mun leumpang teh! (Ieu ge conto ngagede-gedekeun carita)

Pikagugueun nya, tapi aneh ceuk nu nulis mah. Naha lamun nyaritana biasa bae teh, ulah dibumbuan atawa ulah digede-gedekeun. Pan merenah meureun. Tapi meureun hambar nya, jiga celem teu diuyahan.

Advertisement. Scroll to continue reading.

Alatan kitu, di sabudeureun jelema-jelema pinter mah nu kieu ge ditalungtik. Dicutat tina BaeautyJurnal.id mah nu kitu teh salah sahiji gangguan Histrionik, nyaeta anu sok hayang diperhatikeun atawa dramatis wae mun laku lampah.

Cenah jelema nu katerap ku gangguan ieu ilaharna leuwih munjul ti nu sejen lantaran emosina teu tagen jeung hayang wae katempo ku batur. Lamun ceuk basa kulona mah Drama Queen atawa si Ratu Drama.

Tapi ulah salah, jelema nu katerap ku gangguan ieu teh boga pangabisa ngomong capetang di hareupeun jelema rea. Malah bisa ngalihkeun tetempoan batur ka manehna sorangan.

Ngan hanjakal, manehna teh sok hayang bae katempo ku batur, teu hayang diomong, kumaha karep dewek, jeung sok sologoto lamun nanaon.

Advertisement. Scroll to continue reading.

Jurnal di luhur ge teu apaleun pastina pedah naha aya jelema nu boga gangguan Histrionik teh. Cenah jeung baruk bae mah bisa tina pangalaman ti leutik atawa babawaan ti kolotna.

Najan kitu, nu boga sipat Histrionik mah bakal babari pisan lamun ancrub ka widang sosial jeung di dunia pagawean, sabab manehna mah rumasa kabeh babaturan teh dalit wae. Jeung lamun hayang robah sipat kitu, cenah mah kudu di Psikoterapi atawa diobatan jiwana. Aheng!

Hiji deui ceuk Kang Aditya Osama Hakim Efendy, dina tulisan anu judulna “Kenapa sih kita suka membesar-besarkan hal yang kecil?” aya hiji buku anu alus dibaca pikeun jelema Histrionik nyaeta “Thinking, Fast and Slow” yasana Daniel Kahneman.

Cenah ceuk buku ieu mah jelema anu sok ngagede-gedekeun hiji hal teh pedah pamikirna anu tereh. Pikiran anu tereh ieu dipangaruhan ku emosi jeung rarasaan. Biasana, si jelema eta bakal ngajieun efek framing atawa ngabedakeun bobot hiji hal sangkan mones, rek bagja atawa cilaka.

Advertisement. Scroll to continue reading.

Ku kituna, ceuk Danel Kahneman mah cenah pikiran nu alus mah nyaeta nu alon. Nyaeta anu sok nimbang tiheula sagala rupana, obyektif, jeung taki-taki oge kana hal lainna. Panyus pisan kana paribasa Sunda nyaeta sagala rupa teh kudu “Dipikir dibolak-balik, dibeuweung diutahkeun”.

Sakitu anu kapihatur, kirang leuwihna nungkeun dihapunten. Bobo sapanon, carang sapakan. Permios.

Penulis : Genta
Kuningan, 24 Juni 2023.

Advertisement. Scroll to continue reading.
Click to comment

Leave a Reply

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Advertisement

Berita Terbaru

Advertisement
Advertisement

You May Also Like

Advertisement
Exit mobile version